Rabu, 12 November 2014

SURAT KEUR BARUDAK

"Ngitung waktu ti menit ka menit, ti poe ka poe, teu karasa Anaking, umur Bapa tos ka 30 taun leuwih..nyerelek ka 40. Di mana umur eta keur kahirupan Bapa, geus lumayan loba liku-liku nu karasa, suka duka, manis paitna eta kahirupan.

Anaking …. Sakabeuh anak Bapa, sateuacana di pungkas umur Bapa ku nu Nu Maha Agung, di ala ku Nu Maha Kawasa.. peupeujeuh Bapa rek mere pepeling ka aranjeun tiluan.

Keur hideup anak Bapa anu cikal,
“Ariq anu ku Bapa dipikamelang, kahade hideup kudu jadi lanceuk anu gede kabijaksanaan kanu jadi adi hideup. Sing jadi panutan keur adi-adi, supaya di mana Bapa jeung Mamah tos teu aya anjeun jadi gaganti nu jadi Indung jeung Bapak, kalayan anjeun sing ngarti kana sifat-sifatna adi hideup, sing tiasa jadi penyalindungan di mana adi merlukeun bimbingan jeung panyalindungan. Bapa percaya ka Ariq, pasti Ariq bisa ngarti jeung bijaksana. Lamun aya teu ka panujuan, atawa aya masalah anu teu sapagodos jeung hate, musyarawahkeun supaya ngahasilkeun kaputusan anu ngeunah keur sarerea. Bapa ngaharapkeun hirup aranjeun runtut raut repeh rapih saling hargaan antara adi jeung lanceuk. “

Anak bapa kadua, Jeje…
Bapa sok inget ku sifatna anu loba banyol jeung ngaheureuyan di mana Bapa keur sedih. Jeje anak Bapa anu bageur, hideup ditakdirkeun jadi anak anu kadua, jadi anjeun mah boga tanggung jawab ka lanceuk jeung ka adi. Bapa sarua wae pepeling ka Anjeun, sing bisa ngigeulanana kanu jadi lanceuk, hormat ku urang salaku adi, oge anjeun kudu bisa bijaksana jeung ngalindungi ka adi anjeun. Bapa percaya pasti Jeje tiasa nedunan kahoyong Bapa. Prak Jeje sing janten jalmi anu ageung manfaatna keur Jeje pribadi jeung keur dulur sarerea.

Denisa bungsu Bapa anu pang geulisna.
Sing janten indung di kulawarga. Nisa sing bisa jadi gaganti mamah keur ka lanceuk. Nisa sing langkung lantif jeung hormat ka nu jadi lanceuk margi anjeun anaking gaduh lanceuk dua laki-laki. Prak ku Nisa geura jadikeun aranjeuna gaganti Bapa.
Bapa moal seuuer pepeling ka hideup, prak anteur kahayang nu jadi lanceuk anu duaan. Kalayan tembongkeun hormat, sopan, hade hate kanu jadi lanceuk.

Sakitu pepeling ti Bapa. Muga-muga aranjeun bisa ngalakonan kahirupan kalayan aya dina ridho Allah jeung Rahmat Allah salilana ngocor keur aranjeun. Aaamiin"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar