Rabu, 12 November 2014

CONTO WAWANGSALAN

- Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing (korma)
- Abdi tehkapiring leutik, kaisinan ku gamparan (pisin)
- Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah pikir (pengis)
- Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing (asu)
- Aya nu dianjing cai, aya nu diheroan (sero)
- Balandongan ngujur jalan, sok hayang los bae indit (elos)
- Bareto ge batu pirus, juragan geuning pelekik (angkik)
- Beas ditutuan deui, iraha bisa patepung (tipung)
- Belut sisit saba darat, kapiraray beurang peuting (oray)
- Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita (kareta)
- Bentang baranang di imah, samar bisa tepang deui (damar)
- Beulit cinggir simpay tangan, salamina hamo lali (ali)
- Beuying leutik simkuring mah, ari ras sok cimataan (amismata)
- Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti (roti)
- Bilangan Jawa nu tujuh, abdi mah somah pituin (pitu)
- Bulu panon wates taar, kapan seueur anu geulis (alis)
- Buntut jarum pangaputan, bati kelar teuing pikir (kukular)
- Cakcak gede kadal bilik, ulah dipake mokaha (toke)
- Careuh beureum pasawahan, tur dusun leuwih ti misti (lasun)
- Cariang beureum beutina, neda carios nu puguh (cariu)
- Catetan bulan jeung taun, engkang mah menak utami (almenak)
- Cikur jangkung pamuraan, paralay teuing nu geulis (panglay)
- Cinyusu kentel dimasak, ulah tega-tega teuing (mantega)
- Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim (elim)
- Daun tuhur na tangkalna, ari ras ka diri nyai (kararas)
- Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkewok teu kanyahoan (tewok)
- Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani (Cikuray)
- Ekek lembut pupuntiran, tingsaredet kana ati (serendet)
- Engkang teh ngajukut laut, seger mun tepung jeung nyai (lamun)
- Estu dipalupuh nangtung, kapimilik beurang peuting (bilik)
- Gagang atah keur lumayung, engkang jelema ginding (gumading)
- Gedong luhur panenjoan, narah keur saheulaanan (munara)
- Gedong ngambang di sagara, kapalang wawuh jeung nyai (kapal)
- Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit (rumah sakit)
- Gunting pameulahan jebug, kacipta bae ku ati (kacip)
- Hayam Cempa lalayaran, matak teuing nyeri ati (meri)
- Hayam sawah dipiara, abong nu apes ka diri (meri)
- Jagong tuhur beunang ngunun, dunungan bagea sumping (emping)
- Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana (cara)
- Jukut jangkung pinggir gunung, hate engkang panas peurih (eurih)
- Kacang panjang disayuran, bati ngageremet ati (kacang gamet)
- Kacang panjang gegebengan, sakieu darajat kuring (jaat)
- Kadeuleu langgir caina, kayap keyep anu geulis (keuyeup)
- Kalong cilik saba gedang, sumedot rasaning ati (cocodot)
- Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun (barangbang)
- Kembang biru di astana, moal pegat-pegat asih (solasih)
- Kembang biru munggeng kubur, mugi engkang welas asih (solasih)
- Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran (jeruk)
- Kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati (bedug)
- Koja awi dihuaan, sageuy teu kasorang eulis (korang)
- Kuring teh kamenyan koneng, rumaos kawiwirangan (walirang)
- Kutu baju kuar sinjang, moal weleh tumarima (tuma)
- Laleur hideung panyeureudan, kilangbara urang jadi (bangbara)
- Lampu tilu damar dua, moal ngarancabang pikir (lampu cabang)
- Langgir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap keyepna (keuyeup)
- Lauk panjang dina parung, ari emut merod pikir (berod)
- Manuk beureum saba eurih, hate asa didudutan (manuk dudut)
- Manuk hawuk beureum suku, katingal keur imut leutik (galatik)
- Manuk rengge saba ulam, sok komo lamun geus jadi (caladi)
- Manuk tukung saba reuma, uyuhan jadi ka nyai (puyuh)
- Matak ngajampana bugang, panasaran ku lenjangna (pasaran)
- Mencek leutik saba alas, abdi sanggem ngarencangan (peucang)
- Meong tutul saba kasur, cing atuh kumaha kuring (ucing)
- Monyet hideung sisi leuweung, susah teu aya tungtungna (lutung)
- Mun jajan sakadar tipung, upami kagungan rabi (surabi)
- Mun yaktos mangsi Malayu, anjeun teh cinta ka kuring (tinta)
- Ngan bati ngajahe leuweung, nya pikir puyang-payengan (lampuyang)
- Nyiruan genteng cangkengna, masing mindeng pulang anting (papanting)
- Nyiru gede wadah bangsal, engkang mah sok sindir lampir (tampir)
- Paribasa petis Cina, hayang nepi ka cacapna (kecap)
- Peso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri (tulis)
- Peso petok kewung tungtung, hayang kapiajang teuing (kujang)
- Peuteuy leubeut panjang gagang, ka diri saha nu watir (petir)
- Piring jati dulang leah, tinggaleun kari waasna (bahas)
- Puguh ge ubar muriang, nu hina leuwih ti misti (kina)
- Puter putih saba lembur, engkang seja bela pati (japati)
- Rebab jangkung di pandopo, nalangsa lebeting galih (tarawangsa)
- Reregan sabudeur imah, kasangsara siang wengi (kasang)
- Ruas awi dirorekan, pikir asa selang seling (suling)
- Sampalan tengah sagara, laun-laun sugan jadi (alun-alun)
- Senggal hideung saba ranca, tembong lelewa nu manis (lele)
- Sieun teu kapancar-kawung, kabiruyungan ku eulis (ruyung)
- Sieun teu kauntun tipung, sieun teu kalaksanakeun (laksa)
- Simeut jangkung panjang buntut, entong karooh ku abdi (papatong)
- Sok matak kapiring leutik, matak isin diri kuring (pisin)
- Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk cipanon bijil (curuluk)
- Sok reueus nu ngejo atah, reueus jadi menak sugih (gigih)
- Tangkal pare parungpungan, kudu ka pada utami (jarami)
- Teu beunang di hurang sawah, teu beunang dipikameumeut (simeut)
- Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang (hayam)
- Teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan (sasagon)
- Teu beunang disitu lembur, teu beunang diulah-ulah (kulah)
- Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun (kejo)
- Teu puguh monyet hideungna, asa teu puguh tungtungna (lutung)

PAPARIKAN

PAPARIKAN

Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:

Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.

Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.

Paparikan Silih Asih
Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:

Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.
hiji deui :

lain Bangban lain Pacing,
lain kananga kuduna.
lain babad lain tanding,
lain kadinya kuduna.
Paparikan Piwuruk
Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:

Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.
Paparikan Sésébréd
Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:

Daun hiris dibeungkeutan,
dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
hayangeun dibéré duit.
Sapanjang jalan Cirebon,
jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon,
baju butut tatambalan.

RARAKITAN

RARAKITAN

Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi. Contona:

Mihapé sisir jeung minyak,
kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan deungeun.
Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.

Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:

Sapanjang jalan Soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.
Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat; contona:

Sing getol nginum jamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
nu guna dunya ahérat.
Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:

Rarasaan ngala mayang,
teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung.

SISINDIRAN

SISINDIRAN

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

Conto sisindiran:

Aya roda na tanjakan,
katinggang ku pangpung jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.

Aya listrik di masigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,
cangkengna kamana-mana

WAWANGSALAN

WAWANGSALAN

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi. Contona:

Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
(Maksudna: oray)

Jukut jangkung pipir gunung,
Hate abdi panas peurih.
(Maksudna eurih)

KURING MAH URANG SUNDA DUKA ANJEUN MAH

Gaya Basa
Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana.

Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak. Sudaryat (2003: 124) ngabagi gundukan gaya basa, saperti nu dipertélakeun di handap ieu:

1) Ngumpamakeun (simile), nya éta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak. Contona: Kawas gaan g katincak

2) Mijalma (personifikasi), nya éta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang anu nyawaan saperti jalma. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah.

3) Ocon (metonomia), nya éta gaya basa anu ngagunakeun kecap ngaran salasahiji barang pikeun nyebut barang séjén anu aya patalina sacara logis. Contona: Jang, pangmeulikeun Gudang garam!

4) Ngasor (litotes), nya éta rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap asor. Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.

5) Rautan (eufimismeu), nya éta rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana.     Contona : Indung bapana geus mulih ka jati mulang ka asal (maot)

6) Lalandian (metafora), nya éta gaya basa anu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi. Contona: Leumpangna  ngembang sampeu (dingdet).

7) Raguman (sinekdok) nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun, disawadahkeun, atawa disabeungkeutkeun. Raguman dibagi dua:
     a. Hurunan (totem pro parto), nya éta rakitan basa anu nyebut sagemblengna (sakumna) padahal anu dimaksud mah salasaurang, sahiji, sawaréh.     Contona : Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung barudak SMA 3  (anu maraén bal mah ngan 22 urang, lain sajumlahna murid SMA 2 jeung SMA 3).

     b. Tunggalan (pars pro toto) nya éta rakitan basa anu nyebut sahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah sakabéhna.  Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndeng-géndeng ku cangkéng (anu dimaksud lain diriung ku gelung jeung cangkéng tapi ku awéwé geulis).

8) Rarahulan (hiperbol), nya éta rakitan basa anu gunana pikeun ngayakinkeun anu séjén, bakating hayang dipercaya omonganana kaleuleuwihi.     Contona: Sawahna satungtung deuleu.

9) Kadalon (pleonasmeu), nya éta rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih ti mistina.     Contona: Anakna kembar sapasang.

10) Ébrehan (peripraseu), nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun gawéna, gunana kaayaan hiji barang, jst, tapi ari nu dimaksud mah nya éta barang nu kaancikan (kayaan, gawé, atawa gunana) anu disebut téa. Contona: Puputon sekar kadaton (putri)

11) Kahanan, nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun kahanan, sipat, ciri anu husus atawa barang. Contona: Raja leuweung pikeun nyebut maung

12) Silib (alegori), eusina dibalibirkeun, tujuanna sangkan anu diajak nyarita henteu éraeun atawa kasigeung haténa.

Gaya basa sindir aya tilu rupa, nya éta:

a. Ngomong dua (ironi) nu omonganana sabalikna tina maksudna. Contona: Naha jang datang téh subuh-subuh teuing? (kabeurangan)

b. Nomong seukeut (sinismeu) nu eusina nyawad ku jalan lemes. Contona: Teu sangka getol geuning putra ibu téh (kedul).

c. Nyungkun (sarkasmeu), eusina nyawad atawa ngawada.Contona: Béakeun dahareun téh kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé.
Sumber : http://sundakuring.weebly.com/

TEKS SUNGKEMAN

Ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka, wiréh sim kuring sanés pujangga anu ahli ngaréka basa, sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kita paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana.Ka para ahli ngukir sya’ir, pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.

Ngawitan
Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula ngawitan mituturan dua pasang manusa anu kiwari parantos ngahiji kalayan widi Gusti Nu Mahasuci ngalangkungan jalan jatukrami.
Dina ngawitan ngambah ngabaladah sagaraning kahirupan, teu pisan-pisan urang samudayana anu sami kersa sumping, kalayan ridlo lillahi ta’ala ngagebregkeun jiad pangdu’a ka dua mempelai. Ngalangkungan du’ana Rasululloh SAW. Mangga urang ‘aos sasarengan :
Bismillah ….
Baarokallohu laka wabaroka ‘alaika wa jama’a bainakuma fi khoiir
(Mugia kabarokahan sareng kasinugrahaan Alloh tumetep euntreup, nyanding mipir ngabanding, lamokot geugeut ka hidep duaan, sareng pamudah-mudahan hidep duaan dikumpulkeunana ku Alloh téh sinanding jeung kasaéan, amin).
Mangga ka pasang panganten, geura lumampah nyaketan kana pangkonan ibu rama
A’udzubillahi minasy syaithonirrojim
Wawashshoinal insaana biwaalidaihi hamalathu ummuhu wahnan ‘ala wahniw wafishooluhuu fii ‘aamaini anisykurlii waliwaalidaika ilayyal mashiir (Luqman : 14)
“Jeung Kami geus marentahkeun ka manusa (pikeun ngabakti) ka indung bapana; indungna geus ngakandung manéhna dina kaayaan lemah anu kalangkung-langkung lemahna, jeung indungna ngasuh manéhna salila dua taun. Kudu syukuran ka Kami jeung ka indung bapa manéh, ngan ka Kami wungkul manéh mulang ka asal. (Luqman : 14)
Kasép, Geulis.
Heup eureunkeun lengkah anjeun duaan dipayuneun ibu rama. Teuteup kalawan geugeut pameunteu marantenna. Sawang ku hidep duaan ka alam ka tukang anu jauh narawangan. Pék patepungkeun paneuteup ajeun jeung paneutep indung bapa. Bayangkeun kua hidep yén dina satétés getih anu ngalémpéréh, sahégak nafas anu ngadami dina angen. Pék rarasakeun ku hidep ratugna jajantung, rénghap ranjugna rarasaan. Tamperkeun dina sirah, seuseup ngaliwatan napas lalaunan singreup alon-alon, kalayan rarasakeun yén hidep téh keur nyeuseup kanyaah jeung kahémanna indung bapa.
Prak, mangga ujang-nyai. Kasép – Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung.
Saméméh hidep duaan barang pénta kanu jadi indung, pék haturananan heula tawis rasa tumarima ngalangkungan basa ka anjeuna. Kalayan dimimitian ku keretegna manah. Uningakeun kanu janten ibu, kieu unina : “Mamah, dina danget ieu kalayan syaré’atna disakséni ku kadang wargi anu hadir di dieu, hakékatna disakséni ku Alloh SWT, langkung tipayun abdi seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan kana kasaéan anu parantos dipaparinkeun ka abdi. Abdi jelas kahutangan ku Mamah, ti kawit abdi di kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos kapayahan anu langkung-langkung. Siang kalayan wengi Mamah teu weléh sumujud ka Rabbul ‘Izzati, tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna salamet, waluya sapuratina.
Kasawang ku abdi kasusah Mamah, nalika bureuyeungan, seunggah gulang gasahan. Patuangan nyelekit beuki narikan. Celekit dina parindikan, jeletot dina bobokong, reyang-reying teu betah cicing. Harita basa tengah peuting Mamah humarurung nyalira. Sakawitna moal ngageumpeurkeun balaréa. Sugan jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal ngurangan. Nanging sanés ngurangan nyeri anu aya, malihan tambih-tambih nyeri. Harita, Mamah ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat. Ménta tulung, ménta nyalindung.
Mamah parantos béak déngkak nahan kanyeri jeung kapeurih. Luut léét kesang badag, késang leutik burayoan maseuhan sakujur salira. Guyang darah, mandi getih, sakapeung dibarung ku kasusah, sakapeung haté tugenah. Harita Mamah parantos ngaboreuhkeun jiwa raga, nyawa pingaraneunana. Anu namina ngajuru, luyu sareng istilahna. Hartina nyawa Mamah téh aya dina sajuruna deui.
Dina waktu Mamah ngalahirkeun abdi, Mamah bajuang dina tungtung hirup. Tanaga Mamah, engapan Mamah, kesang Mamah, cai soca Mamah, getih Mamah nyurugcug maseuhan bumi pikeun mélaan anu jadi anak.
Nalika gubrag si jabangbayi gumelar ka alam dunya, denghékna sora orok ceurik sataker kebek, ceurik munggaran anu minuhan wewengkon alam. Nya harita pisan basa ninggang kana wanci subuh abdi lahir ka alam dunya. Ti harita Mamah teu bisa kulem anu tibra, teu bisa léha-léha. Ngupahan tur ngabélaan nu jadi anak. Budak gering milu gering, budak rungsing henteu pusing. Mamah milampah sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana kaikhlasan jeung ngagedurna rasa kanyaah anu taya wates wangenna.
Mamah, mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngésto tina lelembutan abdi anu pangjero-jerona, tina mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tida samudaya dosa perdosa. Tinangtos dosa abdi anu janten putra moal kaétang seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, Mamah lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi.
Deudeuh teuing kasép, geulis anak Mamah saleresna kasedih Mamah dina danget ieu lain kusabab kapusingna indung kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus dipilampah kuhidep dina waktu anu ka tukang-tukang ku Mamah dihampura. Naning anu ngalantarankeun Mamah sedih danget ieu téh nyaéta kabeurat haté indung kanu jadi anak. Asa kamari hidep ku Mamah disééh, diakod-akod waktu orok, diméménan waktu budak. Harita basa hidep gégag-gégag diajar leumpang, bari sakapeung titotorojol ti kajauhan hidep tékah-tékah bari tuluy ngagabrug kana lahunan Mamah. Bungah amar wata suta haté anu jadi indung, nalika nu jadi anak tumuwuh mekar kalayan sampurna.
Kiwari, ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa. Geuning si kasép anu dihancleung-hacleung ku Mamah, si Geulis anu ditimbang-timbang ku Mamah teu sangka geuning geus sawawa, dewasa, manjing milampah rumah tangga. Nyukcruk galur sunnah Rasul, mapay lacak papagon agama. Samémangna parantos titis tulis ti ajalina, gurat qodar nu Mahakawasa. Hidep kiwari seja ngamimitian ngabaladah sagara rumah tangga. Geura bral miang, bébér layar tarik jangkar ku Mamah didu’akeun mugia sing tinemu jeung kabagjaan dunya katut ahérat.
Mangga kasép, geulis geura ingkah tina lahunan Mamah ngalih kana panggonan Bapa
Prak tumamprak, rep sidakep, sir budi cita rasa. Sagulung-sagalang sukma nu paanggang kiwari ngahiji dina seuseukeut kaasih kolot kanu jadi anak. Ujang, nyai – kasép, geulis. Sok puseurkeun panyawang hidep kana kanyaah nu jadi Bapa ka nujadi anak dina salila ngipayahan, nyumponan kabutuh hirup nu jadi anak. Sakapeung mah Bapa téh mindeng baringung, ditambah bangluh kasusah nalika teu bisa nyumponan kahayang nu jadi anak. Bapak rajeun ngalamun, mikiran tur narékahan kumaha carana sangkan kahayang nu jadi anak bisa kacumponan sapuratina.
Lamun indung disebutna tunggul rahayu, sedengkeun Bapa disebutna tangkal darajat. Kanyaah indung jeung bapa ka nu jadi anak layeut ngahiji ngawujud, ngajéngélék dina rupa anak. Nu matak dina jirim anak bakal pacampur tétésan-titisan indung bapana. Nya kitu deui dina akhlak jeung pamolahna bakal ceplés téés kanu jadi anak.
Bapa, rumaos abdi mindeng musingkeun ka Bapa. Dina danget kiwari clik putih jatining bersih, clak hérang jatining padang, ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal, getih satétéh ambekan sadami, kiwari abdi neda jembar hampura tinu jadi Bapa.
Baeu kasép, geulis. Malati lingsir na ati, angsana ligar ku mangsa. Hamo lingsir dina wanci, moal ligar dina mangsa. Kiwari wanci tur mangsana Bapa dumareuda wakca balaka ka hidep duaan. Sabenerna, gunung karahayuan, pasir kaasih, sagara kanyah Bapa kahidep téh mémang langka kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita. Naning sanajan kitu, ngahunyudna kanyaah Bapa ka hidep téh tinangtos langkung-langkung kanyaah. Sabab, sagala rupa anu diusahakeun ku Bapa bélaan ngadua-duakeun huap, ti sruk-sruk tidungdung bélaan poho ka temah wadi, teu aya lian nyaéta mélaan nu jadi anak. Melak kai, ngingu sapi tur sagala cacawisan hirup taya lian nyaéta ngakirangan nu jadi anak.
Keun cuang teundeun kakeuheul anu geus harareubeul, cag cuang tunda kangéwa anu geus tiheula. Cuang ganti ku budi anu sajati, ku wajah anu marahmay. Sok ku Bapa kiwari hidep dihampura, sagala rereged, kaijid, kangéwa, tur kageuleuh Bapa kiwari balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan.
Cag, anaking geura tandang miang makalangan, geura milampah babarengan kalayan diwuwuh ku du’a nu janten sepuh. Dijiad ku panghiap nu jadi Bapa. Montong melang, tong salempang léngkahkeun sampéan bari ngucapkeun niat seja milampah tugasna Pangéran.
Tuh geuning, sagara tanpa tutugan. Sagara tanpa basisir geus ngagupayan ménta dikojayan. Geura bral undur tina pangkonan, geura hontal kasinugrahan. Hayu urang hirup babarengan, Bapa geus nyiapkeun kandaraan juang pikeun ngajugjug lembur pangharepan.
Sok didu’akeun ku Bapa lahir katut batin, mugia hidep duaan tinemu jeung kabagjaan

LELAKI DAN SEBATANG ROKOK

Dia sulut lagi sebatang,entah sudah habis berapa batang yang ia bakar hari ini,setelah puas dgn sebatang, ia lanjutkan dengan batang baru,entah apa yang sedang ia tunggu hidupnya layak nya tanpa tujuan

Setiap datang sang mentari, ia sambut dengan sebatang, pada sang rembulan ia juga beri salam dengan sebatang

Mungkin kalau paru-parunya bisa teriak dia akan memaki sang tuan sesak dengan kepulan asap.

Tapi dia hanya diam, tatapanya sayup kedepan harapannya seperti pudar hidupnya seperti mati..

LaLu,...Kenapa dia masih bertahan? mungkinkah ada sepercik harapan atau sepenggal keyakinan?

Ya...... keyakinan,mungkin itu yang ia punya dalam karamnya mimpi. Semoga saja keyakinan itu benar,entah sampai kapan TUHAN kan menjawab, sepenggal keyakinan yang ia pegang sampai saat ini

Hari semakin malam, purnamapun berselimut kabut lelaki itu beranjak pergi menuju kegelapan sosok tubuhnya hilang ditelan pekatnya malam.

Mungkin, esok hari ia kan datang lagi dengan sebatang rokok dimulutnya seperti hari biasanya, ia kan tersenyum pada sang mentari dan akan pergi, ketika hari semakin gelap.

Lelaki dengan sebatang RoKoK begitu aku menyebutnya

Teruslah bermimpi, dengan keyakinanmu dan percayalah, kelak dirimu kan seperti mentari meberi hangat kala pagi,dan juga sang purnama yang menyibak gelapnya malam menerangi setiap langkah kaki...kelak jika waktuku datang..kan kuiringi langkah.

 Ciracas,15 Januari 2011

TEU EUIH-EUIH

Naha..
Henteu beunang disabaran...teu beunang ku dileuleuyan..teu beunang ku dibageuran..anjeun henteu euih-euih..Lanca linci..
Naha...
Teu beunang dipikanyaah...teu beunang dipikaheman..ieu cinta keur salira..saetusna sajanglarna keur salira..
Naha...
Cenah rek sa suka duka..sapapait samamanis..sakanyeri sakapeurih..eta janji..eta sumpah...Lanca Linci...
Naha...
Naon anu diteangan..nya anjeun ka dungsang-dungsang..nya anjeun ka lunta-lunta..anjeung poho balik....
Lain teu rek nya'ah..lain teu rek bela.. Anjeun teu euih-euih....!!

SURAT KEUR BARUDAK

"Ngitung waktu ti menit ka menit, ti poe ka poe, teu karasa Anaking, umur Bapa tos ka 30 taun leuwih..nyerelek ka 40. Di mana umur eta keur kahirupan Bapa, geus lumayan loba liku-liku nu karasa, suka duka, manis paitna eta kahirupan.

Anaking …. Sakabeuh anak Bapa, sateuacana di pungkas umur Bapa ku nu Nu Maha Agung, di ala ku Nu Maha Kawasa.. peupeujeuh Bapa rek mere pepeling ka aranjeun tiluan.

Keur hideup anak Bapa anu cikal,
“Ariq anu ku Bapa dipikamelang, kahade hideup kudu jadi lanceuk anu gede kabijaksanaan kanu jadi adi hideup. Sing jadi panutan keur adi-adi, supaya di mana Bapa jeung Mamah tos teu aya anjeun jadi gaganti nu jadi Indung jeung Bapak, kalayan anjeun sing ngarti kana sifat-sifatna adi hideup, sing tiasa jadi penyalindungan di mana adi merlukeun bimbingan jeung panyalindungan. Bapa percaya ka Ariq, pasti Ariq bisa ngarti jeung bijaksana. Lamun aya teu ka panujuan, atawa aya masalah anu teu sapagodos jeung hate, musyarawahkeun supaya ngahasilkeun kaputusan anu ngeunah keur sarerea. Bapa ngaharapkeun hirup aranjeun runtut raut repeh rapih saling hargaan antara adi jeung lanceuk. “

Anak bapa kadua, Jeje…
Bapa sok inget ku sifatna anu loba banyol jeung ngaheureuyan di mana Bapa keur sedih. Jeje anak Bapa anu bageur, hideup ditakdirkeun jadi anak anu kadua, jadi anjeun mah boga tanggung jawab ka lanceuk jeung ka adi. Bapa sarua wae pepeling ka Anjeun, sing bisa ngigeulanana kanu jadi lanceuk, hormat ku urang salaku adi, oge anjeun kudu bisa bijaksana jeung ngalindungi ka adi anjeun. Bapa percaya pasti Jeje tiasa nedunan kahoyong Bapa. Prak Jeje sing janten jalmi anu ageung manfaatna keur Jeje pribadi jeung keur dulur sarerea.

Denisa bungsu Bapa anu pang geulisna.
Sing janten indung di kulawarga. Nisa sing bisa jadi gaganti mamah keur ka lanceuk. Nisa sing langkung lantif jeung hormat ka nu jadi lanceuk margi anjeun anaking gaduh lanceuk dua laki-laki. Prak ku Nisa geura jadikeun aranjeuna gaganti Bapa.
Bapa moal seuuer pepeling ka hideup, prak anteur kahayang nu jadi lanceuk anu duaan. Kalayan tembongkeun hormat, sopan, hade hate kanu jadi lanceuk.

Sakitu pepeling ti Bapa. Muga-muga aranjeun bisa ngalakonan kahirupan kalayan aya dina ridho Allah jeung Rahmat Allah salilana ngocor keur aranjeun. Aaamiin"

Cara ngubaran GALAU

Definisi GALAU dan Tingkatan GALAU serta Obatnya...!!

Galau teh hiji panyakit RASA,datang nyerang jelema dimana keur sorangan.
Kiwari aya Ubar jang panyakit galau anu kacida mujarab.
Tingkatan Galau jeung ubarna aya 3 Level.
1. "Low Galau",Galau tingkat Ringan,ubarna cukup nyabutan bulu kelek,atawa bulu irung nalika Galau Datang.
2. "Medium Galau" Galau tingkatan sedeng,tah mun iyeu ubarna kucara ngorong ku jempol tepika tuntung liang irung atw ngagere Ceuli nalika kaserang Galau.
3. "High Galau" Galau tingkat Tinggi.. Rada Beurat ieu mah..Mun keur sorangan, hitut sing rada tarik syukur2 aya bukuran, seuseup kusorangan... Sok ulah asa-asa....
Mun rea jalma, sup asup kariungan jalma, terus hitut sing tarik.. Bagikeun kanu sakur aya didinya, colekeun eta bukurna kana irung nu ngariung.. Insya allah rasa Galau berubah jadi.... Nyeri awak da di hajar massa
Selamat mencoba....

Selasa, 11 November 2014

NYAWANG KAHANJELU HATE

NYAWANG KA HANJELU HATE.

Karaos ayeuna mah hirup ngan ukur tiasa nyuat2 harepan ku panglamunan. Nepungan kahayang tina impenan. Sabada hudang ngorejat, ukur tiasa ngusap hate anu kuciwa. Kuciwa ku dua ku tilu. Teu aya nu malire. Boa, naha isuk rek panggih deui jeung hirup moal ‘nya? Ah, harepan pupus teu ka urus. Katalangsara euweuh nu malire. Isuk peuting teu weuleh ngajentul. Ngobet hate neangan jalan hirup nu can kapanggih.

Ret kagigir lain dulur. Bade ningali kahareup lain kiceupeun. Da puguh hirup di lembur batur. Gawe ukur ngubaran hate. Nalangsa ka bina-bina. Lamun mah rek kedal ka anjeun, rek wasa kuring menta tulung.

Tapi beu, geuningan teu wasa ku kaera. Da anjeun sanes sasaha. Ah, samet ayeuna mah kuring rek diajar tungkul kana tunggul rek tanggah moal baha loba carita. Tapi beu, naha ieu cipanon teu weleh ngalembereh? Naha kunaon atuh nya? Euleuh deudeuh teuing naha bet kieu hirup teh?

Ari hirup teh....

Teori wae laaah..Ulah loba catur tanpa bukur...pokona kudu aya pakta anu kongkrit singkron dan berkesinambungan,yg bs menimbulkan kontinyu the headen..kita harus independen up to yu..taaaahhh kituun ceuk kami mah.

Ceuk Paribasa
"Ulah loba saur tanpa bukur, ulah loba basa tanpa nyata"... da di jaman kiwari mah nu penting mah kanyataan.. Pok..Pek Prak, Pok nu ngomong..Pek pikiran..Prak gawean, kakara boga ngaran.. tina naon? Tina karya..

Ari bongan mah bongan bangkong.... Bongan bangkong ka cai teu dimandikeun, Bongan hirup loba bohong pasini teu jadikeun... 

Bangkong dikongkorong kujang
Ka cai teu dicemeti
Bongan hirup loba ngabokong ti tukang
Loba Jangji teu ditepati..

Hampuraeun..Kuring Hampura!